Kabayan | Cing ah urang tatarucingan deui. Bilih aya anu teu tarima jawab wae nyalira. Di dieu Kang Kabayan bade ngabagikeun Tatarucingan Sunda. Mangga . . .
A
Akar di
luhur, pucuk di handap. (Janggot)
Ari nakol
bedug aya sabaraha warna? (Ti luarna)
Ari
sakintal bisa jadi sapuluh kilo? (Bisa, lamun kiloanana ruksak)
Asup tarik
kaluar laun. (Leho)
Awakna
leutik pisan, sirahna gede pisan. (Sireum make helm)
Aya balon
sapuluh, bitu hiji, kempes tilu, kari sabaraha deui? (Kari 9 da nu kempes teh
ditiup deui)
Aya manuk 10 ditembak
hiji, tinggal sabaraha? (Euweuh hiji-hiji acan da kaburu hiber)
B
Bajuna
hejo, leumpangna nguriling bari udud. (Obat nyamuk)
Bangku naon
anu bisa didahar? (Bangkuang)
Bapana
udud, indungna nyeuseuh, anakna ceurik. (Kareta api)
Baso
dibalikkeun jadi naon? (Bahe)
Batman
nginum fanta, ari Superman nginum naon? (Minumpas kejahatan)
Batu naon
anu teu aya di cai? (Batu garing)
beuteung.
(Orok nu keur dikakandung ku indungna)
Bisa naek
teu bisa turun. (Haji)
Bisa turun
teu bisa naek. (Hujan)
Boga sisit
lain oray, boga makuta lain raja. (Ganas)
Buah naon
anu dipikaresep ku lalaki? (Buahenol)
Buah naon
anu sok diwedak? (Kesemek)
Buah naon
anu tara diala? (Buah murag)
Budak
dugul asup kana embel. (Cilok)
Budak
dugul loba kutu. (Onde-onde)
C
Cing
pangmacakeun: Pa Ha 2 3 4 din (Pa Haji Samsudin)
Cing
pangnyebutkeun 5 rupa ngaran bungbuahan anu sok didahar, sakali nyebut! (Rujak)
D
Di luar
hujan angina, di WC hujan naon? (Hujan-heujeun)
Di luar
koneng, di jero bodas, nu apaleun monyet. (Cau)
Diasupkeun
hejo, dikaluarkeun beureum. (seupah)
Dicabak
aya dilieuk euweuh. (Ceuli)
Dicabak
beye, ditakol ngabelentrang. (Tai kotok napel dina tihang listrik)
Dicekek
beuheungna dieleketek beuteungna. (Gitar)
Dicukur
buluan, teu dicukur dugul. (Kadongdong)
Dipeuncit
hirup, teu dipeuncit paeh. (Rebab)
Disebut
sakali hirup, disebut dua kali paeh. (Kuda)
Ditakol
nyendol teu ditakol nyendol. (Goong)
Diubek
diteangan, geus kapanggih dipiceun. Naon? (Korong)
Diudag
lumpat didagoan cicing. (Kalangkang)
Diusapan,
didengkakkeun, tuluy diasupkeun. (Kacamata)
G
Gajah keur
ulang taun. Sakumna sasatoan geus daratang, iwal ti
Gajah naon
anu sukuna dua? (Gajah nu keur keprok)
Gajah
tumpak beca, gede naonna? (Gede bohongna)
Gunung
bitu, bandera kekelebetan. (Nu keur ngakeul sangu)
H
Hayam naon
anu isuk-isuk tara kongkorongok? (Hayam paeh)
Hayam naon
anu keur jengke? (Hayam nu keur sondah)
Hayam naon
anu sok diteangan ku jelema? (Hayam leungit)
Hayam naon
anu sukuna 1002? (Hayam nu keur gelut jeung titinggi)
Hayam naon
anu sukuna hiji? (Hayam nu keur jengke)
Hayam naon
anu sukuna sarebu? (Hayam keur pawey)
Hayamna
bodas, naonna anu hideung? (Kalangkangna)
Hiber lain
ku jangjang, balik lain ku suku. (Langlayangan)
Hideung,
leutik, bahaya. (Sireum napel dina bom)
Hiji diala
ari loba teu diala. (Huis)
Hurup naon
anu ngeunah? (Nya T)
I
Indungna
cicing anakna ancul-anculan. (Lisung jeung halu)
J
Jalma
meuli kasur keur naon? (Keur beunta)
Jalma naon
anu sukuna tilu panonna opat? (Aki-aki make iteuk jeung kacamata)
1 comments so far
mantep gan
EmoticonEmoticon