Monday, 5 May 2014

Tatarucingan Sunda

Kabayan | Tatarucingan deui ah

K

tatarucingan sunda
      Ka handap muka ka luhur nutup? (Seleting)
Kaca naon anu nyeri? (Kacabok)
Kaca naon anu pangbeuratna? (Kacalikan gajah)
Kaca naon anu seungit? (Kacapiring)
Kaca naon anu sok disada? (Kacapi)
Kalimah naon anu dibaca ti hareup jeung ti tukang sarua hartina? (Kasur ini rusak)
Kalong naon anu pinter maen bal? (Kalonggak beckham ya…Del Piero)
Kapal naon anu teu bisa ngapung? (Kapal nu mesinna ruksak)
Kapas 3 kg, batu 1 kg, lamun ditinggangkeun kana suku nyeri mana? (Nyeri sukuna)
Kasur naon anu matak nyeri? (Kasura)
Ku naon tukang baso nakolan mangkok? (Ku sendok)
Kuda naon anu teu bisa lumpat? (Kuda nu dicangcang)
Kumaha ngabedakeun sirah cacing jeung buntut cacing? (Eleketek heula, nu seuri eta huluna)

L

Lamun Arjuna neangan cinta, ari Bima neangan naon? (Neangan kukuna nu sok dibabawa ku tukang jamu)
Lamun Superman ngapung tara ngadeukeutan panonpoe, naon sababna? (Sabab sieun S-na leeh kapanasan)
Lauk naon anu bisa hiber? (Lauk Indosiar)
Leutik bodas pikasieuneun. (Sireum nu napel dina huntu maung)
Leutik, bodas, panjang, teuas, lumpatna ngabelesat( Remeh napel dina kareta api nu keur maju)

M

Maju eleh, mundur meunang. (Nu keur lomba tarik tambang)
Make baju bodas lain dokter, make topi hejo lain tentara. (Toge)
Make baju lain manusa, make dudukuy lain patani. (Bebegig)
Manuk naon anu jangjangna dina suku, sirahna dina suku? (Manuk anu katincak)
Minyak naon anu rame? (Minyaksikan pertandingan sepakbola)
Monyet nek kana tatangkalan, tinggal naona? (Tinggal turunna) 


Tatarucingan salajengna . . . . 


EmoticonEmoticon