Kabayan | Tatarucingan heula kang
N
Naha
superman bajuna make hurup "S"? (Sabab mun XL mah bakal logor teuing)
Nangkub
dieusi nangkarak kosong. (Kopeah)
Naon
bedana onta jeung kangkung? (Onta mah di Arab, kangkung mah diurab)
Naon
bedana sarimie jeung nini-nini? (Sarimie renyah, nini-nini renyoh)
Naon
sababna ban mobil tina karet? (Mun tina coklat pasti digembrong)
Naon
sababna ban sapedah anu tukang sok babari dugul? (Balas cape mikiran kumaha
carana hayang miheulaan ban hareup)
Naon
sababna kareta api manjuna ngarayap? (Mun nangtung mah nabrak kapal nu keur
ngapung)
Naon
sababna lamun anjing keur lumpat sok ngalieuk bae ka tukang? (Sabab teu make
kaca spion)
Naon
sababna lamun tumpak mobil sok nundutan? (Sabab banna buleud)
Nini-nini
bongkok kumaha sarena? (Peureum)
O
Oray hejo
panonna loba. (Peuteuy)
Oray naon
anu teu bisaeun ngaleor? (Oray nu ngalegleg linggis)
P
Palu naon
anu bisa pidato? (Pa Lurah)
Pare naon
anu teu ngeunah? (Parea-rea omong)
Petina
hiji, mayitna loba. (Korek api)
Piramidadi jerona aya harta karun. (Bacang)
Piring
naon anu bisa dipake nempo bulan? (Piring bolong)
Piring
naon anu pangrame-ramena di Indonesia ? (Piringatan 17 Agustus)
Pribumi di
luar ari semah di jero. ( Tukang beca jeung panumpang)
R
Rancung
lain landak, hejo lain tentara. (Kaktus)
S
Samaksaheulay, lampuna mangrebu-rebu. (Langit)
Sapedah
naon anu bisa ngapung? (Sapedah anu ditalian kana 1000 balon gas nu keur
ngapung)
Sapi naon
anu bau? (Sapiteng)
Sapi naon
anu bisa ngarayap dina tembok? (Sapiderman)
Sato naon
anu pangharam-haramna? (Anak bagong euweuh bapaan)
Sato naon
anu pangleutik-leutikna sadunya? (Incuna kuman nu teu dahar saminggu)
Sato naon
anu sukuna dina sirah awakna dina sirah? (Kutu)
Sato naon
anu teu bisaeun mundur? (Sato nu nukangan tembok)
Setan naon
anu bisa nangtungkeun sepedah? (Setandar)
Sirahna
dina beuteung, ceulina dina beuteung, beuheungna dina
Soeh teu
bisa dikaput, kotor teu bisa diseuseuh. (Keretas)
Sukuna
hiji, panonna tilu. (Lampu setopan)
Supirnaopatan ari panumpangna saurang. (Pasaran)
T
Tangkal
naon anu sok dipikasieun? (Tangkal sampeu nu keur dipake nyumput maung)
Ti peuting
asak ti beurang atah. (Lampu bohlam)
titinggi,
naon sababna? . (Sabab make sapatu heula, lila (loba teuing sukuna)
Tukangnaon anu teu bisa ngitung? (Tukang poto)
Tukang naon lamun digeroan sok lumpat ngajauhan? (Tukang maok)
Tatarucingan saterasna . . .
1 comments so far
mantappp
EmoticonEmoticon