Monday, 5 December 2016

Dongeng Si Kabayan Udud di Bulan Puasa

Kang Kabayan | Dina hiji poe, pabeubeurang wanci rek solat lohor dina bulan puasa Si Kabayan dibere surutu sagede jempol ku babaturanana meunang mawa di kota.Kabayan tah jang engke lamun buka puasa, ceuk babaturanana.
Nuhun euy, tembal Si Kabayan.

Sanggeus babaturanana indit, Si Kabayan ngalung-ngalung surutu anu sagede jempol jeung seungit tea. Jorojoy nafsuna hayang ngudud eta surutu harita keneh. Tapi sieun kanyahoan ku batur. Tuluy manehna indit ka saung tengah sawah.

kabayan udud
Keur jongjon ngelepus udud surutu, torojol mitohana gegeroan :

KABAYAN ... KABAYAN !!!!

Naaa ari gebeg teh Si Kabayan reuwaseun bari rampang-reumpeung, teu talangke deui buru-buru surutu nu keur hurung teh diselapkeun dina kopeahna anu keur dipake. Tibatan dipiceun ka sawah lebar.

Mitohana reuwaseun, ningali haseup anu kaluar dina sirah minantuna.

Kabayan naon eta anu hurung dina kopeah maneh?

Si Kabayan tambah gugup jeung era, tapi buru-buru nembalan : Eheh, Eheh, ieu Bah, surutu, urut saur tadi subuh. Poho teu dipareuman.

Cing kami ngasaan ngeunah teu surutu teh ? ceuk mitohana saruana.

Sunday, 1 June 2014

Trik Mengetahui Nama Template Blog Orang Lain

trik mengetahui nama template blog orang lain
Kabayan ~ Trik mengetahui nama template blog orang lain itu sangat mudah. Semudah membalikkan telapak tangan hehehe.. Kang Kabayan akan berbagi disini dengan sedikit praktek anda bisa mendapatkan nama template yang ada.

Tetapi pemilik blog tersebut tidak menampilkan Link provider template tersebut, dengan berbagai alasan salah satunya adalah tidak ingin banyak link keluar pada blognya. Anda pun mulai bertanya – tanya lagi, “Bagaimana saya bisa mengetahui nama template blog itu jika pemiliknya tidak menampilkan link provider nya?”. Cara ini kelihatan-nya mungkin susah tetapi setelah anda mencoba mempraktekan nya pasti sangat mudah. Baiklah langsung saja ke TeKaPe

1.      Buka blog yang ingin kamu ketahui nama template-nya

2.      Lihat halaman source-nya denagan mengetik CTRL+U.

3.      Setelah itu akan mucul Script blog tersebut

4.      Gunakan CTRL+F untuk menemukan nama template-nya

5.      Ketik kata kunci “.css” (tanpa tanda petik)

6.      Selesai, nama dan link template itu sudah anda ketahui.

Setelah mengetahui nama dan link template-nya, anda tinggal mencarinya di Google. Tetapi bagi yang mengerti bahasa pemograman atau coding, anda tinggal mencopy kode – kode langsung dari halaman source tersebut. Selamat mencoba.


Catatan : Terkadang ada blog yang tak bisa diketahui nama templatenya.

Monday, 5 May 2014

Tatarucingan Sunda

Kabayan | Tatarucingan heula kang

N

tatarucingan sunda

Naha superman bajuna make hurup "S"? (Sabab mun XL mah bakal logor teuing)
Nangkub dieusi nangkarak kosong. (Kopeah)
Naon bedana onta jeung kangkung? (Onta mah di Arab, kangkung mah diurab)
Naon bedana sarimie jeung nini-nini? (Sarimie renyah, nini-nini renyoh)
Naon sababna ban mobil tina karet? (Mun tina coklat pasti digembrong)
Naon sababna ban sapedah anu tukang sok babari dugul? (Balas cape mikiran kumaha carana hayang miheulaan ban hareup)
Naon sababna kareta api manjuna ngarayap? (Mun nangtung mah nabrak kapal nu keur ngapung)
Naon sababna lamun anjing keur lumpat sok ngalieuk bae ka tukang? (Sabab teu make kaca spion)
Naon sababna lamun tumpak mobil sok nundutan? (Sabab banna buleud)
Nini-nini bongkok kumaha sarena? (Peureum)

O

Oray hejo panonna loba. (Peuteuy)
Oray naon anu teu bisaeun ngaleor? (Oray nu ngalegleg linggis)

P

Palu naon anu bisa pidato? (Pa Lurah)
Pare naon anu teu ngeunah? (Parea-rea omong)
Petina hiji, mayitna loba. (Korek api)
Piramidadi jerona aya harta karun. (Bacang)
Piring naon anu bisa dipake nempo bulan? (Piring bolong)
Piring naon anu pangrame-ramena di Indonesia ? (Piringatan 17 Agustus)
Pribumi di luar ari semah di jero. ( Tukang beca jeung panumpang)

R

Rancung lain landak, hejo lain tentara. (Kaktus)

S

Samaksaheulay, lampuna mangrebu-rebu. (Langit)
Sapedah naon anu bisa ngapung? (Sapedah anu ditalian kana 1000 balon gas nu keur ngapung)
Sapi naon anu bau? (Sapiteng)
Sapi naon anu bisa ngarayap dina tembok? (Sapiderman)
Sato naon anu pangharam-haramna? (Anak bagong euweuh bapaan)
Sato naon anu pangleutik-leutikna sadunya? (Incuna kuman nu teu dahar saminggu)
Sato naon anu sukuna dina sirah awakna dina sirah? (Kutu)
Sato naon anu teu bisaeun mundur? (Sato nu nukangan tembok)
Setan naon anu bisa nangtungkeun sepedah? (Setandar)
Sirahna dina beuteung, ceulina dina beuteung, beuheungna dina
Soeh teu bisa dikaput, kotor teu bisa diseuseuh. (Keretas)
Sukuna hiji, panonna tilu. (Lampu setopan)
Supirnaopatan ari panumpangna saurang. (Pasaran)

T

Tangkal naon anu sok dipikasieun? (Tangkal sampeu nu keur dipake nyumput maung)
Ti peuting asak ti beurang atah. (Lampu bohlam)
titinggi, naon sababna? . (Sabab make sapatu heula, lila (loba teuing sukuna)
Tukangnaon anu teu bisa ngitung? (Tukang poto)
Tukang naon lamun digeroan sok lumpat ngajauhan? (Tukang maok)


Tatarucingan saterasna . . .

Tatarucingan Sunda

Kabayan | Tatarucingan deui ah

K

tatarucingan sunda
      Ka handap muka ka luhur nutup? (Seleting)
Kaca naon anu nyeri? (Kacabok)
Kaca naon anu pangbeuratna? (Kacalikan gajah)
Kaca naon anu seungit? (Kacapiring)
Kaca naon anu sok disada? (Kacapi)
Kalimah naon anu dibaca ti hareup jeung ti tukang sarua hartina? (Kasur ini rusak)
Kalong naon anu pinter maen bal? (Kalonggak beckham ya…Del Piero)
Kapal naon anu teu bisa ngapung? (Kapal nu mesinna ruksak)
Kapas 3 kg, batu 1 kg, lamun ditinggangkeun kana suku nyeri mana? (Nyeri sukuna)
Kasur naon anu matak nyeri? (Kasura)
Ku naon tukang baso nakolan mangkok? (Ku sendok)
Kuda naon anu teu bisa lumpat? (Kuda nu dicangcang)
Kumaha ngabedakeun sirah cacing jeung buntut cacing? (Eleketek heula, nu seuri eta huluna)

L

Lamun Arjuna neangan cinta, ari Bima neangan naon? (Neangan kukuna nu sok dibabawa ku tukang jamu)
Lamun Superman ngapung tara ngadeukeutan panonpoe, naon sababna? (Sabab sieun S-na leeh kapanasan)
Lauk naon anu bisa hiber? (Lauk Indosiar)
Leutik bodas pikasieuneun. (Sireum nu napel dina huntu maung)
Leutik, bodas, panjang, teuas, lumpatna ngabelesat( Remeh napel dina kareta api nu keur maju)

M

Maju eleh, mundur meunang. (Nu keur lomba tarik tambang)
Make baju bodas lain dokter, make topi hejo lain tentara. (Toge)
Make baju lain manusa, make dudukuy lain patani. (Bebegig)
Manuk naon anu jangjangna dina suku, sirahna dina suku? (Manuk anu katincak)
Minyak naon anu rame? (Minyaksikan pertandingan sepakbola)
Monyet nek kana tatangkalan, tinggal naona? (Tinggal turunna) 


Tatarucingan salajengna . . . . 

Sunday, 4 May 2014

Tatarucingan Sunda

Kabayan | Cing ah urang tatarucingan deui. Bilih aya anu teu tarima jawab wae nyalira. Di dieu Kang Kabayan bade ngabagikeun Tatarucingan Sunda. Mangga . . .

tatarucingan sunda

A

Akar di luhur, pucuk di handap. (Janggot)
Ari nakol bedug aya sabaraha warna? (Ti luarna)
Ari sakintal bisa jadi sapuluh kilo? (Bisa, lamun kiloanana ruksak)
Asup tarik kaluar laun. (Leho)
Awakna leutik pisan, sirahna gede pisan. (Sireum make helm)
Aya balon sapuluh, bitu hiji, kempes tilu, kari sabaraha deui? (Kari 9 da nu kempes teh ditiup deui) 
Aya manuk 10 ditembak hiji, tinggal sabaraha? (Euweuh hiji-hiji acan da kaburu hiber)

B



Bajuna hejo, leumpangna nguriling bari udud. (Obat nyamuk)
Bangku naon anu bisa didahar? (Bangkuang)
Bapana udud, indungna nyeuseuh, anakna ceurik. (Kareta api)
Baso dibalikkeun jadi naon? (Bahe)
Batman nginum fanta, ari Superman nginum naon? (Minumpas kejahatan)
Batu naon anu teu aya di cai? (Batu garing)
beuteung. (Orok nu keur dikakandung ku indungna)
Bisa naek teu bisa turun. (Haji)
Bisa turun teu bisa naek. (Hujan)
Boga sisit lain oray, boga makuta lain raja. (Ganas)
Buah naon anu dipikaresep ku lalaki? (Buahenol)
Buah naon anu sok diwedak? (Kesemek)
Buah naon anu tara diala? (Buah murag)
Budak dugul asup kana embel. (Cilok)
Budak dugul loba kutu. (Onde-onde)

 C

Cing pangmacakeun: Pa Ha 2 3 4 din (Pa Haji Samsudin)
Cing pangnyebutkeun 5 rupa ngaran bungbuahan anu sok didahar, sakali nyebut! (Rujak)

 D

Di luar hujan angina, di WC hujan naon? (Hujan-heujeun)
Di luar koneng, di jero bodas, nu apaleun monyet. (Cau)
Diasupkeun hejo, dikaluarkeun beureum. (seupah)
Dicabak aya dilieuk euweuh. (Ceuli)
Dicabak beye, ditakol ngabelentrang. (Tai kotok napel dina tihang listrik)
Dicekek beuheungna dieleketek beuteungna. (Gitar)
Dicukur buluan, teu dicukur dugul. (Kadongdong)
Dipeuncit hirup, teu dipeuncit paeh. (Rebab)
Disebut sakali hirup, disebut dua kali paeh. (Kuda)
Ditakol nyendol teu ditakol nyendol. (Goong)
Diubek diteangan, geus kapanggih dipiceun. Naon? (Korong)
Diudag lumpat didagoan cicing. (Kalangkang)
Diusapan, didengkakkeun, tuluy diasupkeun. (Kacamata)

 G

Gajah keur ulang taun. Sakumna sasatoan geus daratang, iwal ti
Gajah naon anu sukuna dua? (Gajah nu keur keprok)
Gajah tumpak beca, gede naonna? (Gede bohongna)
Gunung bitu, bandera kekelebetan. (Nu keur ngakeul sangu)

 H

Hayam naon anu isuk-isuk tara kongkorongok? (Hayam paeh)
Hayam naon anu keur jengke? (Hayam nu keur sondah)
Hayam naon anu sok diteangan ku jelema? (Hayam leungit)
Hayam naon anu sukuna 1002? (Hayam nu keur gelut jeung titinggi)
Hayam naon anu sukuna hiji? (Hayam nu keur jengke)
Hayam naon anu sukuna sarebu? (Hayam keur pawey)
Hayamna bodas, naonna anu hideung? (Kalangkangna)
Hiber lain ku jangjang, balik lain ku suku. (Langlayangan)
Hideung, leutik, bahaya. (Sireum napel dina bom)
Hiji diala ari loba teu diala. (Huis)
Hurup naon anu ngeunah? (Nya T)

 I

Indungna cicing anakna ancul-anculan. (Lisung jeung halu)

 J

Jalma meuli kasur keur naon? (Keur beunta)
Jalma naon anu sukuna tilu panonna opat? (Aki-aki make iteuk jeung kacamata)
Jam naon anu bisa nembang? (Jamrud)

Tatarucingan salajengna . . .

Tatarucingan Sunda

Kabayan | Hayu lah ayeuna mah urang ulin tatarucingan, pan ari di sunda mah loba pisan tatarucingan teh, ari ceuk basa Indonesia na mah tebak-tebakan kitu.

Kabayan : Lamun kabeh sato jadi hayam, hayam jadi naon?

Iteung : Jadi loba

Kabayan : Tai kotok ditutupan ku batok jadi naon?

Iteung : jadi buni

Kebo


Pupuh Asmarandana

Kabayan | Pupuh nyaeta puisi lisan tradisional sunda. Ayeuna kang kabayan bade masihan terang salah sahiji pupuh, nyaeta pupuh Asmarandana. Mangga atuh bilih apal mah di nyanyikeun wae sarerea.

pupuh asmarandana

Asmarandana

Laras: Salendro
Watek: silih asih silih pikanyaah atawa mepelingan.
1 Pada := 7 padalisan.

Pupuh Asmarandana

Eling eling mangka eling ( 8 engang – vokal i / E-ling-e-ling-
mang-ka-e-ling (jumlah 8), ling panungtung vokalna i)
rumingkang di bumi alam( 8 – a )
darma wawayangan bae ( 8 – e )
raga taya pangawasa ( 8 – a )
lamun kasasar lampah ( 7 – a )
nafsu nu matak kaduhung ( 8 – u )
badan anu katempuhan ( 8 – a )

Panambih:

Eling-eling masing eling
Di dunya urang ngumbara
Laku lampah nu utama
Asih ka papada jalma
Ucap tekad reujeung lampah
Tingkah polah sing merenah
Runtut rukun sauyunan
Hirup jucung panggih jeung kamulyaan

——————-
Laras: Salendro
Vokal: Seniman/wati RRI Bandung
Sumber: Dokumen RRI Bandung
Encryptor: Ki Hasan
Titimangsa: 26 Agustus 2004

Saturday, 3 May 2014

Kabayan & Neng Iteung

Kabayan | Dina hiji poe kayaban keur ngangon kebo di sawah. Manehna cicing di saung, bari ngalorekan ceulina. Harita teh beurang kacida panasna. Duh mani enak pisan diuk santai komo deui lamun aya cai tiis. Keur ngenah-ngeunahna ngalamun, torojol teh neng iteung datang bari mawa sagelas es jeruk.

"Aduuh, ari neng iteung, apal geuning ari akang teh hoyong eueut cai tiis."

"Muhun atuh kang, neng iteung tea atuh." ceuk neng iteung bari agul.

Langsung wae eta si kabayan ngaregot kacida ngeunahna. Siga buka puasa manggih cai. Surupuut wae.. Segeeerrr. . .

"Lalaunan atuh kang." ceuk neng iteung bari nyusut ku sapu tangan biwirna kabayan anu caremot.

"Nuhun pisan nya neng." Harita keneh kabayan hayang oge ngusap raray neng iteung anu bodas tur geulis.

"Duh gusti, ari neng teh mani geulis pisan, wios teu akang ngusap raray neng?" Neng iteung cicing wae. Beureum beungeut. Eraeun dirayu siga kitu. Kabayan langsung wae ngusap ku tanganna.

"Aduh neng, naha geuning mani kasap kieu? Jeung aya tandukan deui."

Kebo Kabayan
"Kang kabayan . . . ." gorowok neng Iteung.

"Ari akang nuju naon?!" Kabayan sadar. Eraeun ditingali ku neng iteung.

"Eh, neng iteung . . . Jadi isin. Bade kamana neng?" Neng iteung seuseurian tur nyarita.
"Bade nganteuran ci tiis kanggo abah nuju macul. Mangga atuh kang." ngoloyor wae neng iteung mangkat. Tos eta teh eta kebo ditalipak ku si kabayan.

"Gobog teh.. Dasar kebo! Naha lain neng iteung nu diomean teh." Ceuk manehna.