Saturday, 3 May 2014

Kabayan & Neng Iteung

Kabayan | Dina hiji poe kayaban keur ngangon kebo di sawah. Manehna cicing di saung, bari ngalorekan ceulina. Harita teh beurang kacida panasna. Duh mani enak pisan diuk santai komo deui lamun aya cai tiis. Keur ngenah-ngeunahna ngalamun, torojol teh neng iteung datang bari mawa sagelas es jeruk.

"Aduuh, ari neng iteung, apal geuning ari akang teh hoyong eueut cai tiis."

"Muhun atuh kang, neng iteung tea atuh." ceuk neng iteung bari agul.

Langsung wae eta si kabayan ngaregot kacida ngeunahna. Siga buka puasa manggih cai. Surupuut wae.. Segeeerrr. . .

"Lalaunan atuh kang." ceuk neng iteung bari nyusut ku sapu tangan biwirna kabayan anu caremot.

"Nuhun pisan nya neng." Harita keneh kabayan hayang oge ngusap raray neng iteung anu bodas tur geulis.

"Duh gusti, ari neng teh mani geulis pisan, wios teu akang ngusap raray neng?" Neng iteung cicing wae. Beureum beungeut. Eraeun dirayu siga kitu. Kabayan langsung wae ngusap ku tanganna.

"Aduh neng, naha geuning mani kasap kieu? Jeung aya tandukan deui."

Kebo Kabayan
"Kang kabayan . . . ." gorowok neng Iteung.

"Ari akang nuju naon?!" Kabayan sadar. Eraeun ditingali ku neng iteung.

"Eh, neng iteung . . . Jadi isin. Bade kamana neng?" Neng iteung seuseurian tur nyarita.
"Bade nganteuran ci tiis kanggo abah nuju macul. Mangga atuh kang." ngoloyor wae neng iteung mangkat. Tos eta teh eta kebo ditalipak ku si kabayan.

"Gobog teh.. Dasar kebo! Naha lain neng iteung nu diomean teh." Ceuk manehna.

This Is The Oldest Page

1 comments so far


EmoticonEmoticon